Upama nyawang legana langit, kanyaah indung tangtu leuwih ti naon nu katénjo mata. Kanyaah indung tan wates salila nyawa aya dina ragana. Taya tungtung kanyaah indung ka budakna. Kitu deui bapa. Indung mangrupa madrasah munggaran keur anak-anakna. Teu weléh indung ngaping jeung ngatik tina hal leutik, atikana mangpaat saumur hirup keur anakna.
Kanyaah indung jeung bapa, sanajan budak mindeng salah tur jolédar, kolot mah teu weléh ngamaklum jeung ngahampura. Dina unggal léngkah kahirupana, nu ngarana kolot moal petot ngadunga keur kahadéan nu jadi anak.
Waktu budak gubrag ka alam dunya, kocéak dengékna meupeuskeun kahariwang tur baganti jadi bagéa keur indung. Dina ieu buku ditétélakeun rinéka carita ngeunaan Indung. Unggal carita dipiharep jadi pangajaran pikeun saréréa yén kunaon surga aya dina dampal suku indung, nya kajawab tina perjuanganna ti mimiti ngandung nepi budak gumelar tur ngurus sagala rupa pangabutuh budak dina unggal rénghap jeung usikna indung.
Ulasan
Belum ada ulasan.