Widang atikan dianggap investasi peradaban. Maksudna, atikan téh kalintang pentingna dina nangtukeun maju atawa henteuna peradaban hiji bangsa. Ieu hal dilantarankeun yén kualitas Sumber Daya Manusa (SDM) bisa nangtukeun maju henteuna hiji nagara. Upama SDM hiji nagara ngabogaan kualitas, rinéka widang kahirupan baris miboga kualitas, nya nu nyipta SDM téh salasahiji na nyaéta atikan.
Atikan salawasna patali jeung tarékah pikeun manusa sangkan ngahontal ajén-inajén sarta kamampuan nu tangtu pikeun kalumangsungan hirup saterusna. Di abad ka-20, sual dunya atikan nyorang pasualan nu kompleks. Upama ieu hal teu geura-geura diréngsékeun, tangtu atikan di Indonesia baris katinggaleun jaman. Ieu hal ngalantarankeun manusa kudu nyanghareupan pasualan nu urusana jeung hédonis sarta materialis. Kaayaan cara kitu ogé nu nyieun widang atikan hususna sual atikan basa, sastra tur budaya Sunda muncul rinéka pasualan nu mindeng disebut problematika.
Ieu buku medal kalayan jadi jawaban kumaha problématika nu kasorang di lapangan dina ngajarkeun pangajaran basa, sastra jeung budaya Sunda, Sacara basajan, istilah pangajaran téh nyaéta narékahan ku rinéka cara, stratégi, métode sarta pamarekan pikeun kahontalna udagan nu geus dirancang. Pangajaran disusun sacara sistematis kalawan dibarengan ku desain instruksional ti guru ka murid pikeun rarancang pangajaran.
Tina conto sarta pertélaan di luhur tétéla patali jeung watesan problématika pangajaran nyaéta sakumna pasualan nu muncul waktu dilaksanakeuna proses diajar ngajar boh masalah nu kasorang ku guru boh masalah nu kasorang ku murid. Sakumna pasualan patali jeung pangajaran basa, sastra sarta budaya bisa jadi ambahan nu bisa ditarékahan solusina. Sakumna pasualan nu muncul ka guru sarta murid waktu diajar basa, sastra sarta budaya Sunda bisa jadi bahan kajian sual problématika pangajaran. Teu kawatesanan salila éta masalah nu ditarékahan pikeun diréngsékeun bisa ngaronjatkeun udagan inti tina pangajaran nu sungapana kana udagan pendidikan nasional nyaéta mekarkeun kamampuh sarta ngawangun watak sarta peradaban bangsa nu bermartabat dina raraga “mencerdaskan kehidupan bangsa”. Maksudna, ieu udagan téh taya lian ti ngamekarkeun poténsi murid sangkan jadi manusa nu ngabogaan iman jeung takwa ka Alloh Swt., ahlak mulya, séhat, jeung sajabana.
Ulasan
Belum ada ulasan.