Nulis mangrupa tradisi kaum intéléktual anu geus lumangsung ti jaman baheula. Kagiatan nulis mangrupa bagian tina opat kaparigelan basa nyaéta nulis, maca, ngaregepkeun, jeung nyarita. Kaparigelan nulis jadi hiji pangabutuh dina lumangsungna hirup minangka alat komunikasi papada manusa. Komunikasi ngaliwatan tulisan bisa ngébréhkeun atawa ngaéksprésikeun pangalaman jeung pangaweruh unggal jalma.
Nulis kaasup hal anu penting pikeun kahirupan manusia lantaran ku ayana nulis bisa nepikeun naon anu ditempo, kaalaman, dirasakeun, jeung dipikiran kana basa tulisan. Kaparigelan nulis lain hal anu gampang lantaran nalika rék nulis kudu boga modal atawa pangaweruh pikeun jadi dasar nalika nulis.
Karya ilmiah populér mangrupa hiji karya anu wangun, eusi, jeung basana ngagunakeun kaidah-kaidah kaélmuan, ngagunakeun basa anu santai jeung gampang dipiharti ku masarakat umum. Gaya basa nu dipaké ku pangarang nyaéta basa anu basajan, anu kekecapanna henteu ngagunakeun istilah-istilah ilmiah atawa téhnis. Ieu hal luyu jeung harti kecap populér nyaéta dipikawanoh ku jalma réa (kawéntar) jeung gampang dipikaharti ku masarakat umum. Jadi, karya populér atawa karya ilmiah populér téh mangrupa hiji karya anu eusina informasi atawa élmu pangaweruh, ditulis ngagunakeun kekecapan anu gampang dipiharti.
Medalna ieu buku mangrupa tarékah nétélakeun rupa-rupa karya ilmiah populér ti mimiti wangenan, ciri, karakteristik nepi ka kumaha prak-prakan nulisna kayaning kumaha nulis sinopsis, feature, opini, éséy, pedaran jeung réa nu séjénna. Dipiharep ku ayana ieu buku bisa nambahan pangaweruh masyarakat sacara umum, khususna para mahasiswa dina ngungkulan pasualan kaweruh sarta bangbaluh nulis.
Ulasan
Belum ada ulasan.