Bulan Méi taun dua rébu dua puluh dua minangkana mah taun pamungkas pikeun kuring mancén tugas ti nagara. Teu karasa harita kuring meunang SK penugasan jadi guru TMT Désémber 1984. Hampir tilu puluh dalapan taun kuring bareng jeung babaturan nu saprofési pikeun ngatik ngadidik barudak di sakola.
Taun 2010 kuring meunang pancén ti Pa Bupati pikeun jadi pupuhu di sakola. Kuring ngokolakeun sababaraha sakola, kaasup di SMP Negeri 1 Sukahaji. Sok sanajan ngan sakocépat kuring mancén gawé di ieu sakola, loba pisan pangalaman nu kacatet. Didominasi ku ibu-ibu guru teu jadi panghalang pikeun kamajuan sakola. Insha Allah.
Eusi buku Mungkas Lampah di Situ Paténggang mangrupa kumpulan carita pondok nu nyaritakeun kagiatan sapopoé kuring ti mimiti tanggal hiji Méi tug nepi ka tanggal tilu puluh hiji Méi. Balakécrakan panungtung jeung sakabéh sakola. Jadi pembina upacara panungtungan minangka kapala sakola. Maké seragam PGRI panungtungan, maké seragam KORPRI panungtungan. Ngariung rapat panungtungan jeung perwakilan barudak kelas salapan. Rapat jeung warga sakola pamungkas nu dihadiran ku pengawas pembina. Momen-momen penting di bulan Méi 2022 aya di ieu buku. Anu pangnyerepna dina haté sanubari kuring nyaéta upacara ngalepas kuring di hiji tempat, anu saumur hirup karék nyorang Situ Paténggang jeung Kawah Putih di Ciwidéy Bandung.
Teu kaliwat dina ieu buku ogé aya carita ngeunaan almarhumah Bu Hj. Nina Hidayati, kapala SMP Negeri 1 Majaléngka, minangka sobat kuring. Almarhum dipundut ku nu Rahayu Alloh Subhanahu wata’ala, sabenerna masih boga waktu pikeun tugas hampir opat taun deui.
Ulasan
Belum ada ulasan.