Lingkungan hirup urang Sunda anu subur teu bisa leupas tina hirup kumbuhna sasatoan jeung tutuwuhan. Kaayaan sarupa kieu salian ti katinggali langsung ku indera paninggal ogé kagambar tina carita atawa dongéng-dongéng ti kolot jaman baheula kénéh. Hirup kumbuhna tutuwuhan (flora) jeung sasatoan (fauna) tangtu waé mangaruhan kana hasil cipta karsa masarakatna. Dina harti séjén kaayaan alam bisa kagambar dina hasil budayana. Budaya bisa miwujud karya, kaasup karya sastra. Karya sastra minangka hasil tina olah cipta masarakat salah sahijina bisa ngajanggélék dina wangun sisindiran Sunda.
Istilah tutuwuhan (flora) jeung sasatoan (fauna) mindeng pisan kasebut dina sisindiran jeung wawangsalan Sunda. Ampir unggal sisindiran Sunda teu bisa leupas tina ieu istilah. Ku kituna bisa disebutkeun yén istilah flora jeung fauna dianggap penting dina sisindiran Sunda. Sisindiran jeung wawangsalan anu mangrupa bagian karya sastra penting pisan diajarkeun ka siswa. Lantaran sisindiran jeung wawangsalan téh dalit jeung gumulung dina kahirupan urang Sunda.
Eusi sisindiran teu bisa leupas tina kaayaan atawa gambaran alam Sunda. Alam Sunda anu héjo lémbok ku tutuwuhan, ingon-ingon nu reuay kagambar dina karya sastrana, salah sahijina dina sisindiran jeung wawangsalan. Ieu hal nu ngabalukarkeun ayana istilah tutuwuhan (flora) jeung sasatoan (fauna) dina sisindiran. Dina ieu buku panulis baris nétélakeun istilah flora jeung fauna nu dipikawanoh ku urang Sunda anu nyampak dina sisindiran dumasar kana tilikan léksikosemantik jeung étnolinguistik.
Ulasan
Belum ada ulasan.